Doa Bapa Kami (Bahasa Sunda)

Nun Ama di sawarga.
Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.
Karajaan Ama mugi rawuh.
Pangersa Ama mugi
laksana di dunya, sapertos di sawarga.
Mugi abdi dinten ieu dipaparin tedaeun nu picekapeun.
Sareng hapunten kalelepatan abdi, sakumaha abdi oge parantos ngahapunten ka nu gaduh kalelepatan ka abdi.
Mugi abdi ulah diterapan cocoba anu abot,
sawangsulna mugi di salametkeun ti panggoda Iblis.
[Wirehi nya Ama nu jumeneng Raja, kawasa sareng mulya, salalanggengna.
Amin.]

Popular Posts